Rabu, 31 Juli 2013

Sono Kaulinan Budak Sunda Baheula

Assalamu'alaikum..... Sampurasun.... Rampes.. Akang, eteh, abah, ambu, sareng alo-alo di padesaan katut baraya di pakotaan, mamang bade diajar nyerat sareng bahasa sunda nya..
Ieu mah mung mamang nu keur sono ka lembur baheula.
 


Potret sapuluh taun anu kalangkung



 
Kapungkur kaulinanbudak sunda kalintang seueurna samemeh aya kaulinan anu modern atanapi canggih, sanes cangegang bari ki’ih hehehe... tapi ayeuna kaulinan komputer sarupaning Sega, PSP, atawa Nintendo datang , kapungkur mah barudak leutik di Tatar Sunda boga rurupaning kaulinan pikeun ngeusian waktu ulin manehna sabada diajar atawa mantuan kolotna, ayeuna mah sigana geus langka pisan tur kirang paminatna, ka’asup di lembur sim Uing ehehehe

Beda jeung kaulinan elektronis nu sipatna nyorangan deu kedah ngaluarkeun kesang atanapi lulumpatan, beda jeung kaulinan barudak jaman baheula ieu biasana kudu dipaenkeun ku leuwih ti saurang. Sipat ieu tangtuna mangaruhan sifat budak sacara umum. Kaulinan elektronis ngadidik budak jadi teu kaiket. Sabalikna, kaulinan heubeul ngajarkeun budak hirup sauyunan jeung paheuheuyeuk heuyeuk leungeun .


Salian ti ngajarkeun rasa babarengan eta, hiji ciri lain kaulinan barudaklembur baheula teh biasana mah tara leupas ti kakawihan, sanajan kawihna ngan saukur kawih pondok tur leuwih deukeut kana hariring tibatan kana ngawih.  

Contona:
Oray-orayan luar leor mapay sawah …, Tong ka sawah parena keur sedeng beukah
Oray-orayan luar leor ka kebon …, Tong ka kebon aya barudak keur ngangon.

Mung sakitu seratan ti mamang, cag ah....




Tidak ada komentar:

Posting Komentar