Minggu, 17 Februari 2013

Upacara Saweran untuk pengantin sunat

Assalamu'alaikum..... Sampurasun.... Rampes... Upacara saweran untuk pengantin sunat sering bersamaan dengan gusaran. Setelah  helaran dilaksanakanlah sawer di tempatnya (panyaweran). Biasanya untuk saweran yaitu uang logam, beras atau permen untuk di sawerkan ke pengantin sunat dengan cara di tebarkan untuk di pungut oleh anak – anak yang menyaksikan dengan cara rebutan hehehe



 Saweran untuk pengantin suna

Ini contoh sawerannya dengan bahasa Sunda:

Bismilahirohman nirohim

Asalamualaikum  wrwb

Para Bapa miwah para ibu parawargi sadaya

ieu sim kuring bade nambut waktos sakedap

kanggo acara sawer

Atuh sateuacana simkuring muka tutungkusan 
kanggo sawer budaya sunda ieu

langkung ti payun boh bilih janggal basana

atanapi ngaraheutkeun kana manah para bapa miwah para ibu
 parawargi sadaya dumeh simkuring sanes ahlina 
kana kasustraan sunda ieu mah mung maksakeun 
ngedalkeun katineung abdi kanu kagungan maksad
 atanapi anu di salamet keun

Bismilahhhh damel wiwitan mugi gusti nangtayungaaaaaan

kaujang nu di gusaran mugia kasalametaaaaaan

Nuasiiiiih di dunyana nunyaah di aheratna ti ka adi-adina 
sareng ka kanca kancanaaaaa

ampun amit ampun kanu kagungan lembur 
amit kanu kagungan bimi

tabe kanu kagungan bale 
maap ka juraganana anu calik jadi candoliiiiiii

neda agung nya paralun neda jembar panganpura
 kaluhur kasuna Ibu kahandap kasunan Rama

rarepeh putra putri kuring arek ngawuruk, 
di wurukmah kedah jeung santri

catet najero atiiiiiii sangkan ujang ngarti

Apa bade mapatahan enjing bade digusaran
 kade lulumpatan bilih jadi pasendatan

mun panyecep meunang loba tong di pake balaba... 
pake meli anak domba sangkan duit tambah lobaaaaa

tangtos jadi modal panjang kanggo pibekeleun ujang

mun tos jadi Bujang pek peserkeun kana sinjang

teuaya deui ngan kapaur inggis jadi pagiwur
 jeung batur jeng dulur kudu akurrrrrr

jeng kudu daek istiarrrrr

aral kuring pek petotkeunnnnnnnn

.................................................

nyawer kuring geuning geus cape

ongkoh lamun papanjangan sok isin kunu ondangannnnnn

tutut gunung keong reumaaaaaaa

sumangga gekkkkk calikkkkkkkk

Mohon ma'af  bila ada penulisan kata yang kurang

Terima kasih sebelumnya untuk kritik dan komentarnya.



Salam menulis.
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar